40 SOAL
1.
Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa
kacrukcruk ogé tina paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka
darat jadi salebak”.
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
Wassalamu’alaikum.
Ungkara “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak”dina téks di
luhur ngandung harti....
A.
kudu silih élingan ngeunaan pentingna cai.
B.
kudu nyieun ngaran tempat dimimitian ku cai.
C.
kudu sauyunan, sapapait-samamanis.
D.
mun rék tatanén kudu diatur ku ulu-ulu.
E.
kudu ngutamakeun miara cai.
2.
“Sadérék sadayana, danget ieu
sim kuring Tia, kapapancénan janten panumbu catur sawala kelompok. Nu baris
midang dina dinten ayeuna nyaéta ti kelompok 2 ”.
Pokpokan Panumbu Catur di luhur mangrupa . . . dina acara sawala.
A.
salam bubuka
B.
ngawanohkeun diri
C.
ngamimitian sawala
D.
ngawilujengkeun ka pangjejer
E.
mungkas sawala
3.
Baca sempalan carita pondok ”Tukang Kembang” karya Gagah Nugraha Aulia ieu
di handap!
Saréréa. Saimah-imah. Pa Gumbira,
Apana Inggit. Bu Gumbira, indungna. nyaah pisan ka si Aki. Atuda Unggal si Aki
mulang ka lemburna, balikna deui téh kudu baé aya oléh-oléh husus keur Inggit.
Nu dimaksud si Aki ku saréréa téh, tukang kembang langgangan Bu Gumbira jeung Inggit. Tina
sering balanja kembang ti Si Aki, laun-laun jadi asa jeung baraya. Mana komo
sanggeus Si Aki tukang kembang siga nu nyaaheun pisan ka Inggit. Malah pok
deui-pok deui nyebutkeun asa ka incu sorangan. Atuh beuki asa jeung baraya baé. Urang Panjalu si Aki téh. Ngaran
aslina mah Abdul Manap. Ti keur ngora kénéh geus bubuara ka Bandung. Asalna
tukang minyak tanah. Ditanggung maké salang jeung rancatan. Ka béh dieu ganti
ngajualan kembang. Sabulan atawa dua
bulan sakali, sok mulang ka lemburna. Ku sabab geus teu asa jiga téa., ku Bu
Gumbira sering dibahanan oléh-oléh bawaeun ka lemburna. Aya gula, kopi, sirop,
kué kaléng, sakapeung pakéan urut batur keur babasah. Anu tara téh ngongkosan,
lantaran keukeuh tara ditarima. Teu sangka nya, si Aki tukang nyunyurung roda
kembang téh, putra-putrana maraju. Di antarana waé anu natamu ka Pa Gumbira. Kagungan pabrik beusi
sagala, cenah, anjeunna téh.
Dumasar kana sempalan carita
pondok di luhur, mana anu teu kaasup ajén atikan anu bisa dipaké tur dipatalikeun
jeung kahirupan sapopoé di masarakat....
A.
Ulah ngajén jalma tina tagogna.
B.
Upama urang bageur ka batur, pasti batur ogé bageur ka urang.
C.
Kahirupan dina éta carita teu mustahil bakal kajadian.
D.
Si Aki urang Panjalu. Ari urang Panjalu osok marerih.
E.
Jalma anu beunghar teu salawasna boga sikep adigung.
4.
Titénan ieu tabél di handap!
Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener dituduhkeun ku nomer....
A.
1-2-3-4-5-6-8-9
B.
1-2-3-5-6-7-8-9
C.
1-2-3-4-5-7-8-9
D.
1-2-4-5-7-8-9-10
E.
1-3-4-6-7-8-9-10
5.
Baca téks biografi di handap!
Biografi Ridwan Kamil
Mochamad Ridwan Kamil, S.T, M.U.D leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Emil; gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971, Anjeuna putra kadua ti lima sadudulur ti pasangan Bapa Atje Misbach Muhjiddin sareng Ibu Tjutju Sukaesih. Emil atawa Ridwan Kamil sabenerna resep pisan nyawang ti leuleutik. Anjeuna resep maca komik jeung ningalian foto-foto kota ti mancanagara. Kanggo riwayat atikana Ridwan Kamil sakola di SDN Banjarsari III, SMPN 2 Bandung, tur SMAN 3 Bandung. Sabada SMA Ridwan Kamil ngalajengkeun Kuliah di ITB jurusan Teknik Arsitektur. Emil salila kuliah kawilang aktif dina organisasi-organisasi nu aya di kampusna. Emil gé sumanget pisan dina widang kawirausahaan pikeun néangan dana tambahan keur kuliah, manéhna nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén. Sabada lulus Emil damel di Amerika Serikat, ngan sabada aya krisis monéter di Indonesia nu ngabalukarkeun kliena teu mayar hasil gawéna. Tapi sabada kajadian éta Emil teu langsung wangsul ka Indonesia, anjeuna milih netep di Amerika dugi ka ngalaman kasusah ngan tiasa tuang sakali dina sadinten. Anjeuna kénging béasiswa ti University of California, Berkeley. Salami nyandak kuliah S2 Emil damel di Departemen Perencanaan Kota Berkeley. Pikeun biaya hirupna, ujianna teu ngan saukur éta, nalika Emil kudu nyanghareupan Atalia Praratya (Istrina) badé ngababarkeun putra kahijina anjeuna bingung sabab teu kagungan waragad kanggo prosés babaranna, anjeuna dugi ka ngaku miskin ka pamaréntah satempat pikeun kénging pengobatan gratis. Pangalaman éta janten ajén-ajén pribadi nu ngajadikeun Emil kuat dina mayunan kahirupan.
Sabada
ngaréngsékeun kuliah Emil mulang deui ka tanah air Indonésia tur ngadegkeun
Urbane hiji firma nu gerak dina widang jasa konsultan jeung perencanaan,
arsitektur ogé desain. Tidinya karir Emil teras majeng, salian janten prinsipal
PT. Urbane Indonesia anjeuna ogé janten dosén teu netep di Jurusan Arsitektur
ITB. Salian dina widang éta ayeuna Emil ngawitan ngalalanyah kana widang
politik, ti ngawitan janten Wali Kota Bandung dugi ka ayeuna janten Gubernur
Jawa Barat.
Sumber : hasil narjamahkeun ogé
ngutip tina biografi Ridwan Kamil
nu aya di www.biografiku.com
Dumasar sempalan téks biografi di
luhur, tarékah nu ku Kang Emil dilakonan pikeun
nambahan biaya kuliahna di Indonésia nyaéta....
A.
ngilu aktif dina widang usaha desain
B.
gawé di departemén perencanaan
C.
nyieun ilustrasi ogé makét pikeun dosén
D.
nyieun gambar-gambar ilustrasi panorama
E.
muka usaha dina widang arsitektur ogé desain
6.
Tengetan paragrap ieu di handap!
(1) Teu saeutik mahluk hirup, kaasup manusa, anu hirup-hurip ka hareupna
gumantung ka leuweung.
(2) Leuweung dibukbak,
urang balangsak.
(3) Leuweung téh kacida pentingna pikeun kahirupan sakumna mahluk nu kumelip
di alam dunya.
(4) Lain bébénjo éta téh.
Runtuyan nu merenah
dina nulis karangan wangun bahasan/pedaran nyaèta ….
A.
1, 2, 3, 4,
B.
2, 3, 4, 1,
C.
2, 3, 1, 4,
D.
3, 4, 1, 2,
E.
2, 4, 3, 1
7.
Tengetan
runtuyan bagian bubuka dina hiji paragrap ieu di handap!
1.
Legana
pedaran
2.
Alesan
milih jejer (topik) pedaran
3.
Masalah-masalah
nu dipedar
4.
Tujuan
jeung gunana pedaran
5.
Watesan
jeung pedaran
6.
Pentingna
jejer (topik) pedaran
Runtuyan
bagian bubuka nu luyu jeung pakeman nyaéta….
A. 2-3-4-5-6-1
B. 2-6-1-5-3-4
C. 1-2-3-4-5-6
D. 3-2-6-5-4-1
E. 4-3-2-1-6-5
8.
Dina ngawangun imah teu meunang
maké bata jeung semén, … bahanna kudu ngagunakeun kai jeung awi.
Kecap nu
mernah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta....
A. tapi
B. lantaran
C. ngarah
D. jeung
E. sarta
9.
Tengetan runtuyan karangan
résénsi ieu di handap!
1.
Kapangarangan atawa kaaktoran
2.
Ringkesan eusi buku atawa
carita pilem
3.
Judul résénsi
4.
Kaunggulan jeung kaparigelan
5.
Idéntitas buku atawa film.
Karangan
résénsi mibanda adegan atawa sistematika nu tangtu. Runtuyan nu bener pikeun
nulis résénsi téh nyaéta….
A.
1-2-3-4-5
B.
2-3-5-4-1
C.
3-5-2-1-4
D.
4-5-1-2-3
E.
5-1-3-4-2
10.
Tengetan sempalan drama ieu di handap!
Mahasiswa : “Punten!”
“Daramel naon ieu téh?”
Badéga : “Rampés!”
Léngsér : “Bagéa sumping!
nu anyar panggih
hampura kuring
ngomong ku kawih
dipirig gending
tartib tur rintih”
Si Kabayan: “Lain keur badami, keur tingharuleng.”
“Éta nu duaan.”
Sempalan drama di luhur kaasup kana bagian….
A. épilog
B. dialog
C. candraan
D. monolog
E. adegan
11.
Titénan pertélaan ciri-ciri artikel ieu di handap!
(1)
Aya ngaran nu nulisna.
(2)
Miboga gagasan nu aktual jeung
atawa kontrovérsial.
(3)
Sipat tulisanana kudu naratif
jeung subjéktif.
(4)
Gagasan nu diangkat dina tulisan
kudu patali jeung kapentingan jalma réa.
(5)
Ditulis kalayan référénsial ku visi
nu inteléktual.
Artikel nu ditulis pikeun kalawarta
atawa majalah mibanda ciri-ciri nyaéta …..
A. 1 - 2 - 3
B. 2 - 3 - 4
C. 3 - 4 - 5
D. 1 - 2 - 4
E. 1 - 3 - 5
12.
Titénan ieu cutatan artikel!
… Dina naskah kuna ieu téh aya palanggeran, tuduh
laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita (1) Aksarana
ngagunakeun aksara Sunda Buhun nu disundakeun deui kana basa Sunda ayeuna
ku Drs. Saleh Danasasmita taun 1985 (2)
Prabu Siliwangi (disebat ogé
Jayadéwata, Pamanah Rasa, Wangi Sutah, Keukeumbingan Raja Sunu, Sri Baduga
Maharaja) jumeneng rajana ti taun 1484-1521 M(3) Aya naskah Sunda kuna nu
disebat Sanghyang Siksa Kanda’Ng Karesian
(4) Ieu naskah Kuna téh asli
titinggal karuhun Sunda taun 1518 M
(5) Sanajan kitu éta palanggeran
téh tetep gedé gunana pikeun jadi
palanggeran tatakrama pamingpin Sunda jaman ayeuna, éta palanggeran téh
disebatna Parigeuing (6) ….
Runtuyan
kalimah di luhur saupama ditulis kalawan sistematis nyaéta….
A. 1-2-3-4-5-6
B. 2 -3-4-5-6-1
C. 3-4-5-6-1-2
D. 4-5-2-3-1-6
E. 4-5-2-1-3-6
13. Titénan wacana ieu di handap.
Caturkeun ratu di manggung,
carita di kahyangan. Guru Minda kahyangan, anak déwata cikalna, titisan Guru
Hyang Tunggal, seuweu batara di langit,
ngabujangga di paradéwata, kasép taya
papadana, keur meujeuhna teguh. Tuluy ngimpi kagungan bébéné, sarupa jeung Sunan
Ambu; ngalingling ngadeuleu maling.
Enggeus nganggo raksukan, salin
jenengan kana Lutung Kasarung; kasarungku sadulur, kasimpang ku barayana.
Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap
sinjang, bisi kawiwirangan keur ngawula
Dumasar kana Sempalan carita pantun di luhur kaasup kana bagian.…
A.
rajah
B.
narasi
C.
déskripsi
D.
dialog
E.
monolog
14.
ISAH :
(semu nyungkun) “Ari Ujang ti mana baé atuh, wayah kieu nembé
mulih. pan
biasa ogé, bubar sakola mah jam hiji, lin?”
UDIN : (ngajawabna
henteu saregep) “Biasa, Ma. Diskusi kelompok!”
ISAH : “Moal enya diskusi mani saban poé. Ulah sok ngabohong ka indung
mah, bisi doraka!”
UDIN : “Kajeun ari teu percaya mah.”
ISAH : “Tuh, da mawa karep sorangan baé manéh mah.”
UDIN : “Isukan Udin butuh duit, Ma!”
ISAH : “Nya, kana duit deui lumpatna téh. Meunggeus ah, bosen ngadéngéna
ogé, saban usik ménta duit. Ilikan atuh kaayaan kolot, sakieu teu bisa usaha
téh. Bapa manéh apan kalah ka beuki maceuh, ayeuna ogé teuing ka mana.”
UDIN : ‘Kudu aya isuk, Ma. Keur mayar buku. Mun henteu mawa, Udin bakal
dicarékan ku guru!”
ISAH : Keun
baé dicarékan ogé. Ari euweuh, nya kudu kumaha deui. Guru ogé ngama’lum meureun. Atuda bongan sorangan, boga duit téh sok
dihambur-hambur. Anggur ditabungkeun, ngarah aya sampeur-sampeureun upama
pareng euweuh.”
Watek Udin dina sempalan drama di
luhur nyaéta ...
A. loba ngabohong
B. loba kahayang
C. pinter tapi judes
D. babari ngambek
E. getol diajar
15. Titénan gambar silsilah
kulawarga ieu di handap!
Dumasar gambar di luhur Prativa ka Ambalika perenahna …
A. nini
B.
aki
C.
incu
D.
bapa
E.
uyut
16.
Titénan sempalan carita pondok “Putri Jin” ieu di handap!
“Putra Aria Wangsagoparana teteg
manahna. Anjeunna geus aya deui dina pangcalikanana anu biasa, batu démprak di
gunung cadas. Jung ngadeg, nyawang kasakuriling bungking. Lapat-lapat kasawang
alam paraméan anu kedah disorang ku anjeunna. Aing lain ngan ukur incuna Sunan
Ciburang, lain ukur anakna Wangsagoparana, aing téh Wiratanudatar. Haté aing
geus teteg, suku aing geus panceg, ngadeg dina tangtungan sorangan. Aing geus
sanggup manggul kawajiban, sabab lemahna ayeuna mah geus sadia, nyaéta martabat aing
sorangan.(CPPJ:47)”
Dumasar kana sempalan téks carpon
di luhur, latar kaayaan anu kapanggih dina éta carita nyaéta…
A.
panceg kayakinan
B.
baluweng pikir
C.
bagja
D.
ketir pikir
E.
hémeng
17.
Titénan ieu tabél di handap!
|
No |
Ciri-Ciri Karya Sastra |
|
1 |
Karangan tinulis fiksi atawa
rékaan nu galur caritana relatif basajan |
|
2 |
Midangkeun hiji carita sacara
bébas |
|
3 |
Jumlah kajadian caritana henteu
réa |
|
4 |
Museur kana hiji kajadian |
|
5 |
Aya parobahan nasib nu dialaman
ku palaku utama |
|
6 |
Palakuna ukur dua atawa tilu
urang |
|
7 |
Jejer (téma) jeung latar
(setting) napak dina alam kahirupan kiwari |
|
8 |
Midangkeun hiji hal sacara
gembleng, rinci, spésifik jeung detail |
|
9 |
Ilaharna panjangna sakitar
7.500 kecap |
|
10 |
Kaca (halaman) antara 4
nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi |
|
11 |
Leuwih loba midangkeun konflik
nu leuwih kompléks |
|
12 |
Museurkeun paniténna (perhatian)
dina hiji kajadian |
|
13 |
Miboga hiji plot, setting anu
tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur ngawengku jangka waktu anu singget. |
|
14 |
Aya sababaraha épisodeu dina
kahirupan palaku |
|
15 |
Biasana palaku utama teu nepi
ka maot |
Dumasar kana data di luhur, mana
anu kaasup kana ciri-ciri carita pondok…
A.
3, 4, 5, 6, 8, 9, 10, 12, 13
B.
2, 3, 4, 6, 7, 8, 10, 14, 15
C.
1, 3, 4, 6, 7, 9, 10, 12, 13
D.
1, 3, 4, 6, 7, 9, 11, 12, 13
E.
4, 5, 9, 10, 12, 13, 14, 15
18. Drama Mungdinglaya Dikusumah
mangrupa drama anu cara nepikeunana di haleuangkeun. Ieu drama kaasup kana
wanda drama ....
A. gending karesmén
B. drama modéren
C. sandiwara
D. longsér
E. monolog
19. JURAGAN
HAJAT
...
Nyi Inot
:
Assalamualaikum.........!
Ceu Unéh
: Wa alaikumsalam......... Is
geuning Nyi Inot tos ti mana Nyi?
Nyi Inot
: Ah, ngahaja
waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
Ceu Uneh
: Can balik. Biasa wé, keur
dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
...
(Dicutat tina naskah drama “Juragan Hajat” karya
Kang Ibing)
Kalimah pananya tina paguneman di
luhur aya … pananya.
A. 1
B. 2
C. 3
D. 4
E. 5
20.
Titénan ieu pancén panata calagara.
(1)
Nyebutkeun jejer jeung pasualan anu rék disawalakeun.
(2)
Ngatur saha anu kudu nyarita.
(3)
Ngatur lumangsungna acara kalayan tandes.
Dumasar kana pedaran di luhur,
eta pancén téh mangrupa pancen pikeun….
A.
pangjejer
B.
pamilon
C.
panumbu catur
D.
girang serat
E.
girang pangajén
21. Tengetan
runtuyan acara paturay tineung ieu di handap!
1.
Bubuka
2.
Kedal pamungkas ti wawakil wisudawan
3.
Hiburan
4.
Pangwilujeng ti Kepala Sakola
5.
Laporan pupuhu panata calagara
Runtuyan acara nu bener nyaéta....
A. 1,2,3,4,5
B. 1,5,2,4,3
C. 1,3,4,5,2
D. 1,2,5,4,3
E. 1,2,4,3,5
22.
“Nanging sateuacan kelompok VII majeng kanggo menyampaikan matérina, sim kuring badé ngenalkeun
saurang-saurangna.
Kecap anu digurat handap sakuduna . . .
A.
ngadugikeun, ngawanohkeun.
B.
nepikeun, ngenalkeun
C.
nyampékeun, ngenalkeun
D.
méré nyaho, ngawanohkeun
E. ngadugikeun, ngawanohkeun
23.
Titénan ungkara di handap!
Bapa Bupati Sumedang ngadugikeun
biantara pamapagna dina kagiatan upacara miéling kamerdékaan Indonésia. Éta
biantara téh eusina mangrupa ajakan pamaréntah pikeun ngaronjatkeun rasa cinta
ka lemah cai.
Tina kasus di luhur, metodeu biantara nu
dianggo ku Bapa Bupati Sumedang
ngagunakeun metodeu biantara....
A. cara
ngapalkeun
B. cara
maca naskah
C. ékstémporan
D. kontémporér
E.
impromtu
24.
Baca ieu téks biantara di handap!
Cai dina Angen-angen
Urang Sunda
a) Assalamu’alaikum
b) Sadaya
puji kagungan Alloh Nu Murbéng Alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
c) Langkung
tipayun simkuring ngahaturkeun rewu nuhun, réhna simkuring dipasihan kasempetan
kanggo ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”
d) Cai téh
dianggap kabutuhan anu utama. Ku pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang
Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina
ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum,
Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku
penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur
tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e) Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna
perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina
paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi
salebak”.
f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu
karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.
Nu kaasup bagian panutup dina biantara “Cai dina Angen-Angen Urang Sunda”, aya dina bagian...
A.
(a)
B.
(c)
C.
(d)
D.
(e)
E.
(f)
25. Di handap ieu mangrupa hal-hal nu aya dina
laporan kegiatan
(1). Kasang Tukang
(2). Wengkuan
Kagiatan
(3). Maksud
jeung Tujuan
(4). Dasar
Hukum
(5). Waragad kagiatan
Susunan bubuka laporan kegiatan anu bener nyaéta ….
A.
(1), (5), (4), (2)
B.
(2), (4), (3), (1)
C.
(1), (4), (3), (2)
D.
(5), (2), (1), (3)
E.
(3), (1), (2), (4)
26. Dina nulis laporan, urang diperendih (dituntut) sangkan nyieun laporan anu aktual.
Harti kecap aktual dina éta kalimah miboga harti ….
A.
Kudu saluyu (sesuai)
antara data jeung fakta
B.
Kudu saluyu jeung kaayaan
haté nu nulis
C.
Kudu saluyu jeung paménta
pimpinan
D.
Kudu dibarengan ku unsur-unsur pamohalan
E.
Kudu ditulis dumasar kana kajadian
nu panganyarna.
27. Baca sing gemet téks wawancara di handap!
Euis : “Wilujeng siang Bu, Hapunten abdi ngawagel!”
Bu Encas : “Mangga Néng, kumaha aya nu tiasa dibantos?”
Euis : “Muhun Bu abi badé tumaros
perkawis harga endog ayeuna sabaraha?
Bu Encas : “ Mahal puguh Néng, kamari mah sakilo 24 rébu, ayeuna mah naék
jadi 26 rébu sakilona téh”
Eusi : “ Kumaha harga-harga
anu sanésna?
Bu Encas : “ Teu sadaya harga naék geulis, éta mah mung sabagian barang waé nu naék mah!”
Euis : “ Hatur nuhun ibu
kanggo informasina!”
Bu Encas : “ Sawangsulna!”
Eusi téks wawancara di
luhur téh nyaéta ….
A.
harga sembako
B.
harga endog
C.
harga sayur
D.
naékna harga
E.
néng euis ngajak wawanohan
ka tukang sayur
28.
Baca
téks wawancara di handap!
Nu nanya : “Tarékah naon kira-kirana sangkan urang Sunda hususna generasi ngora mikacinta basa Sunda?”
Narasumber :”Anu leuwih utamana mah
dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga ti bubudak. Ngabiasakeun maké basa Sunda di lingkungan
kulawarga, mangrupa modal utama mikacintana generasi ngora kana basana
sorangan.”
Ragam basa nu digunakeun
ku narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ....
A.
lemes keur sorangan
B.
lemes keur ka batur
C.
loma
D.
kasar
E.
cohag
29. Baca sing gemet téks wawancara
di handap!
Nita : “Assalamualaikum, Pa kumaha damang? ”
Pa Rahmat : “Waalaikumsalam, pangéstu
alhamdulillah!”
Nita : “Nepangkeun Pa, wasta pun Nita, Dupi jenengan Bapa?”
Pa Rahmat : “Mangga, abdi sareng Pa Rahmat”
Nita : “Bapa, abdi badé tumaros
perkawis aturan lalu lintas di jalan raya. Dupi conto aturan lalu lintas naon
waé nu kedah
dilaksanakeun téh?”
Pa Rahmat : “Seueur aturan lalu lintas mah Néng, contona waé upami kanggo nu numpak motor, éta kedah ngaggé hélm, gaduh Surat
Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, sareng nu sanésna deui.”
Nita : “……………………….”
Pa Rahmat : “Tangtos waé aya, upamina kanggo pengendara motor
di jalan raya keuna tilang, teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina
4 bulan atawa denda seueuerna sajuta rupiah”.
Kalimah anu luyu pikeun
ngalengkepan wawancara di luhur nyaéta ….
A.
“Aya sanksi anu tangtu
henteu upami urang ngarempak éta aturan?”
B.
“Teras saé atanapi
henteu upami éta aturan teu aya?”
C.
“Kumaha carana urang taat
kana aturan lalu lintas?”
D.
“ Kumaha kamandang bapa
ngeunaan aturan lalu lintas?”
E.
“Naon pungsina aturan lalu lintas
téh?”
30.
Baca téks sajak di handap!
Jabal Rahmah
Ku Taufik
Faturohman
Di Jabal
Rahmah
Adam tepung
jeung Hawa
sabada
séwang-séwang ditundung
ti tanah
surga
Di Jabal
Rahmah
urang
tepung deui
sabada
séwang-séwang ditundung
rasa
hariwang
Ieu tugu
minangka ciri
aworna dua
haté kasumba
muga-muga
tinekanan
najan
balayar na sagara
panglamunan
(dicutat tina Pangajaran
Sastra Sunda)
Kecap kasumba dina sajak di luhur saharti jeung
warna…
A.
bulao
B.
kayas
C.
héjo
D.
hideung
E.
bodas
31.
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Kalimah di luhur lamun ditulis
dina aksara Sunda nyaéta....
32.
Baca téks sajak di handap!
Jabal Rahmah
Ku Taufik
Fatorohman
Di Jabal
Rahmah
Adam tepung
jeung Hawa
sabada séwang-séwang
ditundung
ti tanah
surga
urang
tepung deui
sabada
séwang-séwang ditundung
rasa
hariwang
aworna dua
haté kasumba
muga-muga
tinekanan
najan
balayar na sagara
panglamunan
(dicutat tina Pangajaran Sastra Sunda)
Unsur rasa nu nyangkaruk dina
sajak di luhur nyaéta….
A.
sedih
B.
pangharepan
C.
reueus
D.
keuheul
E.
bungah
33.
Baca téks sajak di handap!
Priangan
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan……..
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(dicutat tina Tepung di Bandung)
Eusi sajak “Priangan” nyaritakeun ….
A.
hiji mojang anu hideung santen
B.
hiji mojang anu diaping ku srangéngé
C.
tempat anu caang mabra
D.
kaayaan tempat nu éndah matak reureus nyaéta tanah Priangan
E.
jalma nu hayang dikurebkeun di tanah Priangan
34.
Baca ieu téks biantara di handap!
Cai dina Angen-angen
Urang Sunda
a)
Assalamu’alaikum
b)
Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng
Alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya,
Nabi Muhammad SAW.
c)
Langkung tipayun simkuring
ngahaturkeun réwu nuhun, réhna simkuring dipasihan kasempetan kanggo
ngadugikeun biantara perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”
d)
Cai téh dianggap kabutuhan anu utama.
Ku pentingna cai, nepi ka dina kahirupan urang
Sunda teu weléh dipatalikeun jeung alam pangpangna jeung cai, katitén tina
ngaran patempatan anu aya patalina jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum,
Cimahi, tiluanana gé dimimitian ku kecap ci. Lain waé tempat, ku
penting-pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, aya tradisi ngatur cai keur
tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.
e)
Hadirin anu sami rawuh,
Salajengna
perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina
paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi
salebak”.
f)
Mung sakitu nu kapihatur, hapunten
bilih aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.
g) Wassalamu’alaikum.
Ungkara anu luyu jeung eusi biantara di luhur nyaéta.....
A.
Patempatan di tatar Sunda asalna lain tina cai.
B.
Kahirupan manusa tara dipatalikeun jeung alam.
C.
Kahirupan moal lumangsung lamun taya cai.
D.
Cai téh dianggap kabutuhan nu teu pati penting.
E.
Kahirupan urang Sunda dipatalikeun jeung cai
35.
Baca
sempalan dongéng di handap!
Teu lami torojol aki-aki kundang iteuk maké pakéan pandita, nyampeurkeun ka
Déwi Sinta. Déwi Sinta diolo sangkan ka luar tina kalang buleud nu geus dijieun
ku Lasmana. Déwi Sinta kagoda. Tuluy ka luar tina éta kalang. Sanggeus ka luar
tina kalang, aki-aki téh robah wujud jadi Rahwana anu murka ti Alengka. Tuluy
diiwat dibawa ngapung ku Rahwana.
Dicutat tina buku Pangajaran Sastra Sunda
Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....
A.
“Teu lami torojol aki-aki
kundang iteuk maké pakéan pandita,…”
B.
“Déwi Sinta diolo sangkan ka
luar tina kalang…”
C.
“Déwi Sinta kagoda.”
D.
“…aki-aki téh robah wujud jadi
Rahwana.”
E.
“Tuluy ka luar tina éta
kalang.”
36. Titénan sempalan-sempalan dongéng di handap!
(2)
Si Kabayan jalma miskin taya
kaboga. Di sakampung éta mah sigana manéhna pangmalaratna baé meureun. Imah teu
béda ti saung butut. Ari pagawéan sapopoéna ngan ukur jadi tukang ngoréd.
(3)
Waktu Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nyaéta Pajajaran Wétan jeung
Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik
Mayang Sunda anu nuju bobot.
(4)
Baheula Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma
sepuh ti Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang
Bagus Pangéling.
(5)
Lulumpang terus digawé
sorangan ngaluarkeun uyah bubuk. Beuki lila uyah téh beuki
loba nepi ka minuhan parahu. Beuki beurateun waé éta parahu téh. Jalanna oléng.
Antukna lep waé éta parahu karem ka jero laut. Tah ti harita cai laut téh jadi
asin rasana.
(6)
Kacaritakeun di hiji leuweung geledegan aya
hiji gagak ngora ngaranna si Candrika, gagak jalu gagah, malah di antara
bangsana mah bisa disebut panggagahna. Geus sababaraha poé si
candrika téh alum kawas aya nu dipikiran.
Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun farabél nyaéta….
A.
1
B.
2
C.
3
D.
4
E.
5
37.
Baca téks di handap kalawan saregep!
Kaayaan
jaman kiwari kacida weritna, masarakat sagala susah. Loba jalma nu ngaligeuh
lantaran teu boga pagawéan. Kajadian sarupa kitu téh keuna kana paribasa hirup teu neut, paéh teu hos.
Paribasa
hirup teu
neut, paéh teu hos sarua hartina jeung paribasa
Indonésia….
A.
Katak hendak jadi lembu.
B.
Bagai pungguk merindukan bulan.
C.
Sudah jatuh tertimpa tangga.
D.
Melihat dengan mata kepala
sendiri.
E.
Hidup segan mati tak mau.
38.
Tengetan ieu kalimah di handap!
Semasa bermukim di Osaka, Jepang, saya mendapatkan kesempatan untuk membaca
buku-buku teori sastra dan budaya yang sebelumnya tak pernah terbaca, karena
bukunya pun tak pernah sampai ke negeri kita.
Tuduhkeun mana kalimah tarjamahan nu merenah tina kalimah di luhur!
A.
Mangsa matuh di Osaka, Jepang,
kuring meunang kasempetan macaan buku-buku téori sastra jeung budaya anu
saacanna mah tara dibaca, da bukuna tara nepi ka nagara urang.
B.
Mangsa ngumbara di Osaka,
Jepang, kuring meunang kasempetan macaan buku-buku téori sastra jeung budaya
anu saacanna mah tara kabaca, da bukuna tara nepi ka nagara urang.
C.
Lamun matuh di Osaka, Jepang,
kuring meunang kasempetan macaan buku-buku téori sastra jeung budaya anu
saméméhna mah tara kabaca, da bukuna tara nepi ka nagara urang.
D.
Mangsa mangkuk di Osaka,
Jepang, kuring meunang kasempetan macaan buku-buku tiori sastra jeung budaya
anu saacanna mah tara kabaca, da bukuna tara nepi ka nagara urang.
E.
Lamun cicing di Osaka, Jepang,
kuring meunang kasempetan macaan buku-buku tiori sastra jeung budaya anu
saméméhna mah tara kabaca, da bukuna tara nepi ka nagara urang.
39.
Baca paguneman di handap kalawan saregep!
Mima : “Bangsa
Indonésia téh beunghar pisan budayana nya Nis?’
Nisa : “Bener pisan
Mim, malahan mah unggal sélér bangsa ngabogaan budaya jeung adat
séwang-séwangan.”
Mima : “Bener
pisan! Tah ku lantaran kitu kuring mah kacida bangga jadi urang Indonésia téh.”
Nisa : “Maénya
bangga, jiga keur ngeusian soal waé atuh.”
Mima : “Enya kuduna
kumaha atuh, da kuring mah teu nyaho?”
Nisa : “Ckck!”
Jawaban
nu merenah pikeun paguneman di luhur nyaéta…
A.
Bener pisan! Tah ku lantaran
kitu kuring mah kacida nineung jadi urang Indonésia téh.”
B.
Bener pisan! Tah ku lantaran
kitu kuring mah kacida reueus jadi urang Indonésia téh.”
C.
Bener pisan! Tah ku lantaran
kitu kuring mah kacida sumanget jadi urang Indonésia téh.”
D.
Bener pisan! Tah ku lantaran
kitu kuring mah kacida kataji jadi urang Indonésia téh.”
E.
Bener pisan! Tah ku lantaran
kitu kuring mah kacida bagja jadi urang Indonésia téh.”
40.
(1) Sumebar sacara tinulis
(2) Ngandung hal-hal
nu teu asup akal
(3) Caritana basajan
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén
atikan
(6) Teu kapaluruh
saha nu ngarangna
(7) Ngandung unsur
seni
(8) Sumebar sacara
lisan
(9) Ngandung hal-hal
nu teu pamohalan
Ciri-ciri umum nu biasana aya
dina dongéng di antarana ....
A.
1, 2, 3, 4
B.
2, 3, 5, 8
C.
2, 4, 6, 8
D.
5, 7, 8, 9
E.
1, 6, 8, 9



Tidak ada komentar:
Posting Komentar