24 Maret 2021

TEHNIS PELAKSANAAN UJIAN PRAKTEK BASA SUNDA KLS XII 2021

 Instruksi Kerja :

a)  Siswa/i milih sajak nu badé dibacakeun.

     Pilihan sajakna :

     1. Tanah Sunda

     2. Jalan Satapak

     3. Anaking Bral Miang

  b) Nalika maca Sajak nu jadi aspék peniléian nyaéta artikulasi sareng intonasi, pasemon                              (mimik),  penghayatan, gerak awak jeung kreatipitas ngédit pidio.

 c) Tempat maca sajakna bébas, raksukan kasundaan atawa diluyukeun jeung sajakna.

 d) Rékaman pidio durasina ulah leuwih ti 10 menit. Nami sareng kelas teu kedah disebutkeun,                     cekap diédit dina awal pidio.

 e) Waktos pengumpulan pidio ti kaping 21 Maret - 28 Maret 2021, pidio diuplod dina chanel                        yutub.

 f) Link yutub na kirim ka google drive dumasar kelasna masing-masing saperti dihandap:

A)  Kelas XII IPA-1 nepika XII IPA 4 kirim ka google drive : sundawiwitan76@gmail.com 

B)  Kelas XII IPA-5, XII IPS-1, XII IPS-2 kirim ka google drive : ucandriyani@gmail.com

C)  Kelas XII IPS-3, XII IPS-4, XII IPS-5 kirim ka google drive : rezawilyan@gmail.com 



sajak-sajakna :

TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi

Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring mo mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !

 ===========================================================

Jalan Satapak

Nyawang mangsa-mangsa anggang

Waktu anjeun neuteup geugeut
Waktu anjeun balaka kancinta
Geus lain-lainna deui…
Nu aya ngasruk eurih kapeurih
Nu aya nyawang jalan nu lungkiwa
Ibun cipanon reumis hate nu peurih
Heureut lengkah papasten tilarna kacinta
Anjeun nu satia datang marengan lengkah
Pisah kasarung ku pengkolan pangirut
Jalan satapak kasorang teu kaimpikeun
Pikir bingung teu puguh juntrung
Indung suku jadi tutugan lamunan
Ngaping lengkah na jalan satapak
Nu baseuh keclak cai mata
Naha kieu… naha kitu…
Batin ceurik maratan langit
Hate melang pinuh karingrang
Anjeun nu salila ieu surti ku pangeling
Anjeun nu salia ieu tempat nyalindung
Meupeuh hate jadi kapas kacaian
Duuuh Gustiii…..
Naha abdi sorangan nyorang jalan satapak
Cuang cieung taya nu marengan

 ===================================================== 

Bral Miang Anaking

 

Keur aranjeun, anak Bapa anu awewe anu lalaki.
Anaking….
Ngitung waktu, milang lengkah
tikiwari kakiwari,
sawaktu-sarebu waktu,
salengkah-sarebu lengkah
Ananking…..
Asa cikeneh urang babarengan,
icikibung dina dunya atikan nu lawas tilu taun landung.
Asa bieu antara hidep jeung Bapa silih tamplokeun rasa:
asih, nyaah, deudeuh, ijid, ngewa, jeung keuheul

Kiwari, tuh lawang pepeuntasan geus ngadago
kahade tigatruk-tipagut
keur nulalawora tinangtu tangtu hese mentas

Hampura anaking,
mun letah Bapa, letah ibu te bisa nahan ucapan, hahaok bari molotot,
da kitu adatnya neundeun kanyaah.
Bapa jenu Ibu teh inggis bisi hidep kalangsu di jalan,
katalimbeng dina dunya sukan-sukan,
poho balik kana jalan bebeneran.

Hampura anaking,
ucap lampah, paripolah nu kaliwat pikeun enteung keur kahareup

Bral anaking, sing mulus rahayu nerapkeun elmu

di ditu hidep bakal dicoba dina pangaweruh

Jung anaking, hidep diandung pangdunga.
Wilujeng anaking
keur aranjeun nu bakal miang

 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar