MATERI KAWIH JEUNG
TEMBANG (update tgl 29 Nopember 2015)
Kawih téh
nyaéta rakitan basa sabangsaning dangding nu teu maké patokan pupuh (LBSS,
1988:96). Dina kawih umumna di wangun ku sababaraha pada (bait). Sapadana
diwangun ku opat padalisan (larik). Kawih mah deukeut-deukeut ka sisindiran.
Jalma nu sok
ngalagukeun rumpaka kawih disebutna Juru kawih atawa sindén.
Conto kawih : Es Lilin, Borondong Garing,
Colenak, Tanah Sunda, Angkrék Japati,
Angin Priyangan, Bulan Langlayang Peuting, Dina Jandéla, Hareupeun Kaca, jsb
Tembang
nyaeta kawih anu wangunna nurutkeun aturan pupuh, anu salawasna kauger ku
patokan-patokan guru wilangan,jeung guru lagu, sarta nada ngahaleuangkeunana.
Conto tembang :
Jemplang Serang,
Cianjuran, Banjaran. jrre.
Nu sok
ngahariringkeun tembang disebutna Juru tembang atawa juru
mamaos.
Sedengkeun anu disebut lagu sarua rua keneh jeung kawih. Ari lagu istilah zaman ayeuna
(modern) ari kawih mah baheula.
Rumpaka téh nyaeta kekecapan dina lagu. Dina tembang sok
disebut dangding, atawa guguritan. Dina lagu atawa kawih sok disebut rumpaka.
Dina lagu pop Sunda, sakapeung sok campur jeung istilah musik, sok aya nu
nyebut lirik (syair).
Conto rumpaka kawih :
BUBUY BULAN
Karya : Beni Corda
bubuy bulan sangray bentang
panon poe panon poe di sasate
unggal bulan
unggal bulan abdi tea
unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy launa hese di pancing
nyeredet hate ningali ngeplak caina
duh eta saha ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ninggal sorot socana
panon poe panon poe di sasate
unggal bulan
unggal bulan abdi tea
unggal poe-unggal poe oge hade
situ ciburuy launa hese di pancing
nyeredet hate ningali ngeplak caina
duh eta saha ngalangkung unggal enjing
nyeredet hate ninggal sorot socana
----------------------------------------------------------------
Es Lilin
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir
ka kaler mah ka kaler katojo bulan
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
moal paler geuningan da ku sabulan
=================================================================================
A. Wanci
1.
Tengah Peuting = Pukul 00.00 - 01.00
2.
Janari Leutik = Pukul 01.00 - 03.00
3. Janari
Gede = Pukul 03.00 - 04.30
4. Balebat = Pukul 04.30
5. Carangcang Tihang = Pukul 04.30 - 05.00
6. Rebun-rebun = Pukul 05.00 - 06.00
7. Haneut
Moyan = Pukul 07.00 - 08.00
8. Pacar
Sawed = Pukul 09.00 - 10.00
9.
Rumangsang = Pukul 11.00
10. Manceran
= Pukul 12.00
11. Lingsir
Ngulon = Pukul 13.00
12. Panon Poe
Satangtung = Pukul 15.00
13. Tunggang
Gunung = Pukul 16.00 - 17.00
14. Sariak
Layung = Pukul 17.00 - 17.30
15. Sareupna
= Pukul 17.30 - 18.00
16. Harieum
Beungeut = Pukul 18.00 - 19.00
17.
Sareureuh Budak = Pukul 19.00
18.
Sareureuh Kolot = Pukul 21.00
B. Harti
babasan/ paribasa :
1. Beurat
birit = kedul
2. Amis
daging = babari ku panyakit
3. Kejot
borosot = nyieun kaputusan anu ngadadak tanpa pertimbangan/ mun boga kahayang
sok tara diengkekeun
4. Ngadu
angklung = parea-rea omong
5. Ngabuntut
bangkong = euweuh tungtungna/ teu anggeus
6. Pacikrak
ngalawan merak = nu leutik ngalawan nu gede
7. Neukteuk
curuk dina pingping = nyilakakeun dulur
8. Cikaracak
ninggang batu laun-laun jadi legok = ku disabaran mah pasti aya hasilna/ pagawean
mah euweuh nu hese ari ku dileukeunan jeung disabaran mah
9. Adean
ku kuda beureum = ginding ku papakean batur
10. Mun
ngala supa kudu dipiara catangna = mun nitah kudu jeung buruhna
C. Kila-kila (totonden/ tanda-tanda/ tanggara),
1.
Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
2.
Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
3.
Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi
kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin.
4.
Sora bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur,
tanda aya bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun. Urang lembur kudu
taki-taki, ulah saré tibra teuing
5.
Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
6.
Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
7.
Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih
8.
Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
9.
Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
10.Lamun
panas ceuli = aya nu ngomongkeun
D. Cacandran
a. Bandung heurin
ku Tangtung
b. Ciamis amis
ku manéh
c. Cianjur katalanjuran
d. Sumedang ngarangrangan
e. Sukapura
ngadaun ngora
f. Garut jadi pangirutan
g. Ciromed kampung beling
==========================================================
HARTI
SAJAK
Sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa
ngébréhkeun pikiran jeung rasa pribadi panyajakna tur sipatna leuwih subjéktip
di sebut sajak lirik. Sajak anu eusina
ngagambarkeun perjoangan hiji jalma pikeun ngudag cita-cita katut kahayangna
boh keur dirina jeung balarea (umum) disebut sajak epik.
Harti dina kecap-kecap sajak kabeh ge miboga harti injeuman atawa lain harti
saujratna. Dina nyieun sajak, kudu miboga kaparigelan (katerampilan) dina
masang-masangkeun kecap sangkan miboga daya atawa ngandung kakuatan rasa, atawa
sok aya nu ngecapkan ngeunah kadengena atawa matak dedengeeun. Eta katerampilan
di maksud disebutna diksi atawa pilihan kecap. Sajak kauger atawa masih kaiket
ku aturan wirahma. Wirahma nyaeta leutik gedena sora jeung luhur handapna sora
maca sajak.
conto sajak :
Ruhak
Geuning anjeun lir arjuna sasab
Mentangkeun rěwuan jamparing
nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiruk ati
Geuning anjeun lir arjuna ědan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung
Mentangkeun rěwuan jamparing
nu kapentang lir di usap angin
Sumilir serah bongkokan
Geuning anjeun lir arjuna kasmaran
Ngiceupan rewuan bidadari
Nu kabandang kumalayang
Katiruk ati
Geuning anjeun lir arjuna ědan
Malati ladang metik terus dijeuwang
Aing lain aswatama sumegruk
Bima nu siap padungdung ngababuk jajantung
=========================================
PANCAKAKI MASYARAKAT SUNDA
Rundayan atawa Turunan
1.
Bau sinduk, indung/bapana gantung siwur (kait siwur)
2.
Gantung siwur/Kait siwur, indung bapana Udeg-udeg
3.
Udeg-udeg, indung bapana janggawareng (canggahwareng)
4.
Janggawareng/Canggahwareng, indung bapana bao atawa
aki buyut
5.
Bao, indung bapana buyut
6.
Buyut, indung bapana aki atawa nini
7.
Aki, bapana indung atawa bapa
8.
Nini, indungna bapa atawa indung
9.
Bapa, lalaki nu boga anak atawa salaki indung
10. Indung, awewe nu boga
anak atawa pamajikan bapa
11. Anak, turunan kahiji
12. Incu, turunan kadua
atawa anakna anak
13. Buyut, anakna incu
14. Bao, anakna buyut
15. Janggawareng/Canggahwareng,
anakna bao
16. Udeg-udeg, anakna
janggawareng atawa incuna bao
17. Gantung siwur/Kait
siwur, anakna udeg-udeg
18. Bau sinduk, anakna
gantung siwur.
19. Dulur atawa Baraya ti
Gigir
20. Adi, dulur
sahandapeun
21. Lanceuk, dulur
saluhureun
22. Emang/Paman, lalaki
adina bapa atawa adina indung
23. Bibi, awewe adina
bapa atawa indung
24. Toa/Ua, lanceuk bapa
atawa indung
25. Alo/Suan, anak
lanceuk atawa anak adi
26. Kapiadi, anakna emang
atawa bibi
27. Kapilanceuk, anakna
toa atawa ua
28. Incu teges, anakna
anak urang atawa anak minantu
29. Anak teges, anak
sorangan
30. Incu ti gigir, incuna
adi, anakna alo atawa anakna suan
31. Aki ti gigir, lalaki,
adina atawa lanceukna aki/nini
32. Dulur atawa Baraya
sejenna
33. Besan/warang, indung
atawa bapana minantu, atawa mitoha anak
34. Mitoha/Mertua, indung
bapana salaki atawa indung bapana pamajikan
35. Minantu/Mantu, salaki
anak atawa pamajikan anak
36. Dahuan, lanceukna
salaki atawa pamajikan
37. Adi beuteung, adina
salaki atawa pamajikan
38. Dulur pituin, dulur
asli
39. Dulur teges, dulur
saindung sabapa
40. Dulur pet ku hinis,
dulur teges atawa dulur saindung sabapa
41. Dulur sabrayna/dulur
Misan, anak paman, bibi atawa ua
42. Maru, awewe sejen nu
jadi pamajikan salaki (nu nyandung)
43. Indung tere,
pamajikan bapa nu lain ngalahirkeun urang
44. Bapa tere, salaki
bapa nu lain ngalantarankeun urang lahir
45. Dulur tere/dulur
pateterean, anak indung tere atawa anak bapa tere ti popotongan masing-masing
46. Popotongan, urut
atawa nu pernah jadi salaki, urut pamajikan atawa kabogoh (lantaran pepegatan)
memeh kawin deui ka nu sejen
47. Cikal, anak
panggedena
48. Bungsu, anak
pangleutikna
49. Pangais bungsu,
lanceukna bungsu
50. Baraya, sakur nu aya
pancakakina
51. Baraya Landes, baraya
deukeut keneh
52. Baraya Laer, baraya
nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
53. Sapiriumpi/saanak
incu, sakulawarga atawa sajumlahna anggota kulawarga
54. Mintelu, baraya
turunan katilu
55. Beuti pamelaran,
sekeseler atawa turunan
56. Bondoroyot/kulawadet,
kulawarga, pamajikan, anak, incu jste.
57. Bau-bau sinduk,
baraya keneh sanajan geus laer
58. Karuhun, luluhur
jalma-jalma anu kungsi aya heulaeun urang, nu ngarundaykeun urang
59. Deungeun-deungeun, nu
lian atawa lain baraya
60. Deungeun haseum, teu
atawa lain baraya saeutik-eutik acan
61. Teu hir teu walahir,
teu atawa lain baraya
62. Bibit buit, turunan
asli
=======================================
Bahan Sejenna : Aksara jeung Angka Sunda
S
Sunt doamna Margi Ben, o companie de împrumuturi private care oferă ajutor persoanelor medii care are nevoie de asistență financiară. Aveți nevoie urgentă de un împrumut pentru a plăti datoria dumneavoastră sau pentru a crește afacerea ta? Dacă ați fost respinse de către bănci și alte instituții financiare? În cazul în care aveți nevoie de un împrumut de consolidare sau un credit ipotecar? Aici este posibilitatea de a aduce problemele tale financiare la un end.you au rău de credit sau au nevoie de bani pentru a investi în interes de afaceri pentru a plăti înapoi la rata dobânzii de 2%, cerința financiară pentru persoane fizice de a plăti facturi, pentru a împrumuta fonduri. Trebuie să vă informez că suntem foarte fiabile și ar fi dispus să dea credit beneficiarului. Așa că ne contactați astăzi prin e-mail la adresa (mrsmargibenloancompany@gmail.com)
BalasHapusKami lender swasta jeung investor, anjeun perlu injeuman sah, jujur, reputable tur gancang? Abdi tiasa nulungan anjeun kalawan gajian garansi 100%, abdi nawiskeun gajian perusahaan tur individual pikeun dana langkung ogé mibanda sagala jinis proyék. Kanggo inpo nu leuwih lengkep, ngahubungan kami di: godwillloancompeny@gmail.com
BalasHapus